Monday, November 16, 2015

Gaya Basa Sunda / Majas Sunda



Gaya Basa Gaya basa atawa majas nya éta ungkara basa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Majas mangrupa cara makéna kecap kiasan/injeuman anu sifatna ngabandingkeun, ngagambarkeun, jeung negaskeun.

1.    Majas Personifikasi (mijalma)

Majas personifikasi, nyaéta majas anu mapandekeun/ngaibaratkeun hiji barang mibanda kalakuan kawas manusa.

Conto :

a. Cihcir keur ngawih tengah peuting.

b. Daun kalapa ting arulang ngagupayan anu rek mulang.

a. Sora suling ngabangingik keur ceurik tengah peuting.

b. Angin gunung ngusapan buuk jalma anu keur ngiuhan.

2. Majas Metafora (babandingan langsung)

Majas metafora, nyaéta majas anu ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejen sacara langsung, anu ngabogaan sifat anu sarua jeung barang asalna.

Conto :

a. Raja angkasa keur ngabombardir kota Bagdad. (kapal udara)

b. Sirung-sirung Pajajaran geus mimiti hudang di Kota Bogor. (masarakat Sunda)

c. Si Ratu Ngebor, keur ngahibur nu lalajo di Bogor.

d. Kabeh oge kasima basa Si Raja Leuweung gagauran neangan mangsa.

3. Majas Asosiasi (ngumpamakeun)

Majas asosiasi, nyaéta majas anu ngumpamakeun kana barang anu ngabogaan ciri anu sarua jeung barang anudiumpamakeunana.

Conto :

a. Tanteu Jois mah ari angkat téh siga toko maju. (sagala dipake,emas, jsb)

b. Budak téh siga careuh bulan. (diwedak anu cemedok)

c. Bi Mumun beungeutna pias kawas mayit, sabab geuring ripuh.

d. Budak téh siga bueuk meunang mabuk, basa dicarékan ku bapana.

4.Majas Litotes (ngasor)

Majas litotés nyaéta majas anu digunakeun pikeun ngahandapkeun kaayaan diri nu nyarita (ngasor), pikeun ngahormat ka jalma anu diajak nyarita.

Conto :

a. Linggih atuh pa, ka saung butut. (nu dimaksud imah alus)

b. Tuang téh teu aya nanaon ngan saukur jeung uyah. (nu dimaksud méwah)

c. Abdi mah jalmi bodo teu terang huruf bingkeng-bingkeng acan.



5. Majas Hiperbola ( rarahulan)

Majas hiperbola, nyaéta majas anu ngagunakeun kecap anu kaleuleuwihi atawa pamohalan.

Conto :

a. Acéh kiwari banjir getih.

b. Jakarta ayeuna geus jadi kota demontrans.

c. Bakating kusieun, bulu punduk racung kawas kawat.

d. Manéhna ngajerit maratan langit basa indungna ka tabrak.

6.Majas Pleonasme (kadalon)

Majas kadalon, nya éta majas anu ngagunakeun kecap tambahan katerangan anu sabenerna mah teu perlu, sabab geus tétéla.

Conto :

a. Budak téh naek ka luhur ngala jambu.

b. Mobil mogok téh didorong ka hareup.

c. Pundurkeun ka tukang tah mobil téh tong ngahalangan jalan.


7. Majas Metonimia (lalandian)

Majas metonimia, nyaéta majas anu ngagunakeun kecap lalandian pikeun ngaganti barang anu dimaksud.

Conto :

a. maung bandung jadi juara menbal

b. budak teh numpak honda

Mudah-mudahan ieu artikel ,mangpaat kanggo anu meryogikeun Kabeungharan Kecap Basa Sunda, khususna ngeunaan Gaya Basa Sunda/Majas Sunda.

Sumber : Buku Basa Sunda Winaya basa